BABANDINGAN CITRA WANOJA DINA NOVÉL GALURING GENDING KARYA TATANG SUMARSONO JEUNG NOVÉL RONGGENG DUKUH PARUK KARYA AHMAD TOHARI : Ulikan Struktural Jeung Feminisme

Ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun medar struktur carita dina novél Galuring Gending karya Tatang Sumarsono jeung novel Ronggeng Dukuh Paruk karya Ahmad Tohari, sarta medar ngeunaan babandingan antara karya sastra Sunda jeung karya sastra Indonesia, anu diulik tina sisi feminismena atawa leuwih...

Full description

Saved in:
Bibliographic Details
Main Author: Ratna Kumalasari, - (Author)
Format: Academic Paper
Published: 2018-08-15.
Subjects:
Online Access:http://repository.upi.edu/36511/
Tags: Add Tag
No Tags, Be the first to tag this record!
Description
Summary:Ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun medar struktur carita dina novél Galuring Gending karya Tatang Sumarsono jeung novel Ronggeng Dukuh Paruk karya Ahmad Tohari, sarta medar ngeunaan babandingan antara karya sastra Sunda jeung karya sastra Indonesia, anu diulik tina sisi feminismena atawa leuwih museur kana babandingan citra wanoja anu digambarkeun ku tokoh wanoja salaku palaku utama dina éta karya. Ari karya sastra anu dijadikeun objek panalungtikana nya éta novél Galuring Gending karya Tatang Sumarsono jeung novél Ronggeng Dukuh Paruk karya Ahmad Tohari. Métode anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta métode deskriptif analisis, nu miboga udagan pikeun ngagambarkeun sacara jéntré jeung sistematis fakta atawa karakter tina objék panalungtikan, kalawan maké téhnik studi pustaka. Hasil tina ieu panalungtikan nya éta, 1) struktur carita novél Galuring Gending jeung novél Ronggeng Dukuh Paruk anu ngawengku téma; galur; tokoh; latar; puseur implengan; jeung gaya basa, 2) babandingan tokoh utama wanoja dina novél Galuring Gending jeung novél Ronggeng Dukuh Paruk dumasar fisik; watek; kasang tukang sosial; pakasaban; jeung tokoh lalaki anu dianggap paling deukeut jeung tokoh utama wanoja, sarta 3) citra wanoja nu kagambar ku tokoh utama wanoja dina novél Galuring Gending jeung novél Ronggeng Dukuh Paruk dumasar kana citra fisik; citra psikis; kalungguhan tokoh utama wanoja di kulawarga jeung kalungguhanna di masarakat.
Item Description:http://repository.upi.edu/36511/1/S_BD_%201403256_Title.pdf
http://repository.upi.edu/36511/2/S_BD_%201403256_Abstract.pdf
http://repository.upi.edu/36511/3/S_BD_%201403256_Table_Of_Content.pdf
http://repository.upi.edu/36511/4/S_BD_%201403256_Chapter1.pdf
http://repository.upi.edu/36511/5/S_BD_%201403256_Chapter2.pdf
http://repository.upi.edu/36511/6/S_BD_%201403256_Chapter3.pdf
http://repository.upi.edu/36511/7/S_BD_%201403256_Chapter4.pdf
http://repository.upi.edu/36511/8/S_BD_%201403256_Chapter5.pdf
http://repository.upi.edu/36511/9/S_BD_%201403256_Bibliography.pdf
http://repository.upi.edu/36511/10/S_BD_%201403256_Appendix1.pdf
http://repository.upi.edu/36511/11/S_BD_%201403256_Appendix2.pdf
http://repository.upi.edu/36511/12/S_BD_%201403256_Appendix3.pdf