KASENIAN HADRO DI DÉSA BOJONG KACAMATAN BUNGBULANG KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL SENI BUDAYA SUNDA DI SMP

Ieu panalungtikan ngaguar ngeunaan kasenian hadro nu aya di Désa Bojong, Kacamatan Bungbulang, Kabupatén Garut. Sacara umum, udagan ieu panalungtikan nyaéta pikeun ngaguar unsur struktural, ajén étnopédagogik, sarta kalungguhan jeung pungsi ieu kasenian di masarakat, anu satuluyna dipatalikeun...

Full description

Saved in:
Bibliographic Details
Main Author: Try Permadi, - (Author)
Format: Academic Paper
Published: 2018-07-24.
Subjects:
Online Access:http://repository.upi.edu/36518/
Tags: Add Tag
No Tags, Be the first to tag this record!
Description
Summary:Ieu panalungtikan ngaguar ngeunaan kasenian hadro nu aya di Désa Bojong, Kacamatan Bungbulang, Kabupatén Garut. Sacara umum, udagan ieu panalungtikan nyaéta pikeun ngaguar unsur struktural, ajén étnopédagogik, sarta kalungguhan jeung pungsi ieu kasenian di masarakat, anu satuluyna dipatalikeun jeung pangajaran maca artikel seni budaya Sunda di SMP. Métode anu digunakeun nyaéta métode déskriptif. Téhnik anu digunakeun nyaéta obsérvasi, wawancara, jeung dokuméntasi. Instrumén anu digunakeun nyaéta kaméra digital, handycam, padoman wawancara, jeung padoman obsérvasi. Dumasar kana hasil panalungtikan bisa dicindekkeun yén unsur struktural nu aya dina ieu kasenian téh nyaéta: 1) saméméh pagelaran diayakeun tapakur ka Pangéran, dituluykeun kana nyiapkeun waditra tur mariksa waditra, 2) prakna minton kasenian hadro dimimitian ku pamapag ti aparat désa, dituluykeun kana ngatur posisi pamaén, laju dibuka maké rumpaka lagu pamuka, nu satuluyna kana lagu karya Kiyai Ahmad Sayuti tur diibingan maké ibing hadro, sarta nu pamungkasa ditutup. Ajén étnopédagogik anu nyampak dina ieu kasenian nyaéta ngeunaan catur diri insani nu ngawengku pengkug agamana, luhur élmuna, jembar budayna, rancagé gawéna, tur diguar ngeunaan sawangan hirup urang Sunda nu ngawengku, sawangan hirup manusa ka pribadi, sawangan hirup manusa jeung lingkungan masarakat, sawangan hirup manusa jeung alam, sawangan hirup manusa jeung Pangéran, manusa dina ngahontal kasugemaan lahir, jeung batin. Nu di beungkeut ku gapura panca waluya nyaéta cageur, bageur, bener, pinter, jeung singer. Kalungguhan jeung pungsi ieu kasenian di masarakat, nyaéta mangrupa média kaagamaan, sarana hiburan, alat komunikasi, ngaraketkeun tali silaturahmi jeung gawé gotong-royong. Satuluyna hasil tina ieu panalungtikan bisa dilarapkeun pikeun bahan pangajaran maca artikel seni budaya Sunda di SMP.
Item Description:http://repository.upi.edu/36518/1/T_BBS_1603174_Title.pdf
http://repository.upi.edu/36518/2/T_BBS_1603174_Abstract.pdf
http://repository.upi.edu/36518/11/T_BBS_1603174_Table_Of_Content.pdf
http://repository.upi.edu/36518/3/T_BBS_1603174_Chapter1.pdf
http://repository.upi.edu/36518/4/T_BBS_1603174_Chapter2.pdf
http://repository.upi.edu/36518/5/T_BBS_1603174_Chapter3.pdf
http://repository.upi.edu/36518/6/T_BBS_1603174_Chapter4.pdf
http://repository.upi.edu/36518/7/T_BBS_1603174_Chapter5.pdf
http://repository.upi.edu/36518/8/T_BBS_1603174_Bibliography.pdf
http://repository.upi.edu/36518/10/T_BBS_1603174_Appendix1.pdf
http://repository.upi.edu/36518/9/T_BBS_1603174_Appendix2.pdf